WASIAT KOLOT
keun ké ogé karasaeun, nu teu butuh ku pamuntangan; yén hirup aing bisa nangtukeun.
batur-batur mapatahan manéh mah kalah hayoh lalaguan majar téh
“tong sok wani mapatahan uing mah miboga jalan sorangan”
enya keur saharitaeun éta ucapan bisa kabuktikeun. tapi ulah poho wanci mah gasik baganti ayeuna dina rungsingna masih aya nu ngéling-ngéling, kitu deui dina senangna réa nu ngayun ambing.
tapi catét hiji mangsa dina wanci engké jaga, nalika batur-batur geus narimu kana galur, heug manéh linglung di parapatan, sok rék kasaha muntangkeun rasa tunggara?
“hanjakal teu nepi ka junun nincak wisuda” rék ka saha muntangkeunana? sedeng lumpat ka kulawarga éra, pon kitu deui ka tatangga kalah beuki kasiksa da bongan manéh ngujratkeun kecap “ uing bisa tanpa didinya uing teu junun bisa kaya” déngékeun iyeuh ilaing téh meungpeung réa kénéh waktu, geura-geura tamatkeun sakola tuluy wisuda. ngarah ema eujeung apa bagja ninggalina. batur mah acan tangtu siga manéh bisa ngahakan bangku kuliah! buru-buru mulang tarima, ema jeung apa di lembur ngadogo manéh ngiberkeun ujian kalulusan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar